Sora manuk cingciricit
waas kadenge ka sabudeur langit di wewengkon Cibodas. Langit biru beresih
digambaran ku mega nu tingarenclo mantak resep ningalina. Aya nu jiga cucuk
lauk, aya nu jiga jangjang manuk, jeung sajabana. Di imah Maman, sora lagu pop
Sunda nu dinyanyikeun ku Darso samar-samar kakuping kaluar.
Dina ranjang hareupeun imahna, Maman gogoleran bari ci
kopi panas ngebul gigireunana.
“ Man, keur naon
ilaing?” Mang Mahad nyampeurkeun bari langsung gek diuk di gigireun Maman.
“ Jeh, mang. Biasa lah
kieu we...!” Maman tuluy hudang .
“ Naha aya di lembur geuning, Man?” Maman teh
ayeuna keur kuliah di Universitas nu aya di Bandung, anjeuna semester hiji
keneh.
“ Muhun Mang, nuju pere
semester...”
“ Ilaing mah budak
ngora ge geuning resep lagu Darso euy...!”
“ Haha...naha kitu
mang?”
“ Teu gengsi geuning
ilaing mah...”
“ Naha kudu gengsi
mang? Pan iyeu teh salah sahiji kabudayaan Sunda mang...”
“ Haha.. alus euy
ilaing mah...”
Sajeroning pere gawena
di imah ngan ukur luntang-lantung. Paling oge nungguan warung indungna,
sakapeung amun sore Maman sok indit ngurek jeung babaturanna.
***
Hiji poe Maman keur ulin di sawah. Hiliwir angin tiis
nyelesep ka jero kulit. Maman diuk dina batu gede nu ngajugrug di sisi sawah.
Jukut muta nu titadi dicekelan, ayeuna kalahka digegelan ku Maman. Pikiran
Maman ngalayang teu puguh kamana wae.
“ Ayeuna mah jigana teh
barudak ngora meni garengsi kana kabudayaan Sunda teh. Padahal mah lamun
barudak ngora teu raresepeun, saha nu rek miarana? Da sepuh mah iraha-iraha ge
pasti maraot... terus deuih maenya urang
Sunda nu hayang bener-bener diajar sejarah jeung kabudayaan Sunda kudu
jauh-jauh indit ka Belanda. Kacida pisan...” Maman ngagereneng na hatena.
Basa Maman keur ngagereneng wae kitu, ti tukang aya nu
nepak tak-takna. Maman ngarongheap, tuluy ngalieuk. Gek jelema nu nepak Maman
tadi teh diuk gigireun Maman.
“ Man, geuning aya di lembur?
Kumaha damang?” sor jelema nu tadi teh nyodorkeun leungeuna ka Maman. Maman oge
tuluy nyodorkeun leungeuna ka jelema nu tadi.
“ Yeh, Yandi...
alhamdulillah sehat. Kumaha sawalerna? Puguh ge nuju libur semester iyeu teh.
Yandi tos libur semester oge?”
“ Alhamdulillah Yandi
ge sae. Yandi mah tos saminggu perena ge...hahha” Yandi teh nyaeta sobat Maman
keur di Aliyyah. Yandi mah kuliahna di kampus nu aya di Dayeuh Ngora. Kabeneran
Yandi kuliahna di jurusan Bahasa jeung
Sastra Sunda.
“ Kumaha kuliah teh,
Yan?” tanya Maman.
“ Teu rame ah Man.
Mahasiswana ge ngan sakedikan jurusan Yandi mah...”
“ Euleuh naha geuning?”
“ Nya kirang seueur nu
minatna we jigana mah Man...”
“ Muhun nya barudak
ayeuna mah kirang minatna ka budaya sunda teh...”
“ Tapi siah Man. Anu
mantak Yandi kagum mah di kelas Yandi aya bulean...” Yandi katingali rada
gumbira basa keur ngawartoskeun iyeu carita.
“ Bule? Diajar sastra
Sunda?”
“ Muhun. Namina teh Alline
Symondhath. Anjeuna teh urang Swedia, Man...”
“ Geuning aya bule nu
hoyong lebet sastra sunda nya? Pikaseurieun, urang sundana ge jarang nu
hoyongeun....”
“ Enya, mantakan Yandi
ge basa barang lebet ni asa aneh teh...”
“ Atuh kenalkeun Maman
ka bule eta. Resep jigana ngawangkong bahasa sunda sareng bule... hahaha”
Maman jeung Yandi terus
nyaritakeun pangalaman masing-masing salila jadi mahasiswa anyar di panyabaan.
Panon poe beuki lila beuki ngarayap naek. Batu nu dijadikeun pangdiukan ge
ayeuna geus karasa panasna.
***
Isukna Maman jeung Yandi geus badami arek nyaba ka Dayeuh
Ngora. Duanana ngarasa bosen nyirekem wae di imahna. Bari sakalian Yandi arek
ngajak Maman ka tempat inekosna. Barang bray panon poe, sora kelakson motor
Yandi geus disada di buruan imah Maman.
“ Tanghian Yan...! Sok
kadieu mumuluk heula... ” mamahna Maman ngagorowok ti jero warung.
“ Mangga mah. Maman tos
siap mah?”
“ Atos....! Maan enggal
yeu Yandi tos ngantosan...”
“ Muhun mah...” sora
Maman ngagorowok kadangu ka luar. Teu lila ti eta Maman bijil. Dangdanana tos
singkil, calana levis bari jeung di jeket hideung, kantong hideung garis-garis
di soren ku Maman. Topi anu sok dipake Maman unggal rek incah tara leupas tina
mastakana. Cle, Maman langsung naek kana motor Yandi. Ti lembur Maman ka Dayeuh
Ngora teh aya kana dua jamna. Isuk keneh kitu mah biasana can loba motor atawa
mobil. Jadi Yandi nyerebung we mawa motor di jalan. Basa geus nepi ka kampus
Yandi di Dayeuh Ngora, motor Yandi tuluy mengkol ka jalan anu rada leutik
tukangeun kampus. Teu jauh tidinya motor Yandi tuluy eureun di salah sahiji
imah anu rada agreng.
“ Iyeu kos-kosana teh
Yan?”
“ Enya, hayu...” Maman
tuluy nuturkeun Yandi.
“ Ckckck...mewah
geuning nya kosan Yandi mah...”
“ Ah, henteu oge Man...
Naha nu Maman kumaha kitu kosana?”
“ Nu Maman mah ngan
saguriwek kamarna ge Yan... haha”
“ Engke urang ameng ka
museum Dayeuh Ngora nya...!” ajak Yandi.
“ Hayu... hayu...”
Maman langsung giat, komo diajak jalan-jalan mah.
Kaberangnakeun Yandi jeung Maman indit ka Museum Dayeuh
Ngora. Tempatna teu pati jauh ti kosan Yandi. Ti hareupna ge wangunan museum
geus nuduhkeun yen eta wangunan teh geus aya ti baheula keneh. Tulisan di panto
gerbangna nyaeta ‘Wilujeng Sumping di Museum Dayeuh Ngora’, handapeun eta
tulisan ngajejer aksara Sunda nu hartina ‘Napak Tilas Karuhun Dayeuh Ngora’.
Karcis asupna ngan Rp.4000,-. Maman tuluy kurulang-kuriling bari luak-lieuk
kaditu-kadieu. Yandi mah tos sering asup ka
eta museum teh. Amun praktek oge biasana Yandi mah sok di museum atawa
di luarna. Salain diajar sastra Yandi ge sok diajar kasenian Sunda.
“ Yan, iyeu kacapi nu
iraha? Wanguna ni antik kieu? “
“ Tuh tingali, iyeu teh
kacapi taun 1624. Cenah mah nu miboga iyeu kacapi baheula teh nyaeta bupati
Dayeuh Ngora anu mimiti Man...”
“ Ari iyeu teh kujang
Yan? Ih Maman mah da nembe ningali kujang nu asli, sasarina mah sok tina gambar
we...”
Basa Yandi keur
nerang-nerangkeun sagala anu ditanyakeun ku Maman. Yandi tuluy indit,
nyampeurkeun salah sahiji pengunjung di eta museum. Jigana nu diajak ngawadul
ku Yandi teh bule. Tapi Yandi ni jiga nu akrab jeung eta bule. Teu lila ti eta
Yandi balik deui nyampeurkeun Maman bari ngajak eta bule anu diajak ngawadulna.
“ Man, nepangkeun iyeu
Alline. Anu ku Yandi dicarioskeun basa eta geuning...”
Si bule eta tuluy nyodorkeun leungeuna. Maman oge tuluy
nyodorkeun leungena ka eta bule.
“ Hai...whaste abhdi
Alline...” Maman cengar-cengir ngadenge logat eta bule anu ngomong Sunda.
“ Nepangkeun abdi
Maman...” tembal Maman.
“ Your name is funny...haha”
eta bule teh kalah iirihilan nguping Maman nyebutkeun ngarana. Maman jeung
Yandi oge kalah cingalengir wae hayoh. Maman, Yandi, jeung Alline tuluy
kukurilingan di eta museum. Sanggeus cape kukurilingan tuluy maranehna jarajan
baso jeung rujak kalapa.
“ Alline, can you speak Sundanese?” ti mimiti Maman panasaran ngajak
ngawadul eta bule.
“ Yeah, but little... I’m not speak Sundanese good but I understand about
languange of Sundanese...”
“ But, are you speak Indonesian good?”
“
I can’t....”
Nya kumaha iyeu bule
diajar bahasa Sundana? Pami Bahasa Indonesia ge nyariosna can pati lancar mah. Kereteg
Maman na hatena.
“ Alline, basa abdi
ngadangu carita ti Yandi yen di kelasna aya bule, abdi langsung panasaran. Ku
naon atuh hoyong lebet Bahasa jeung Sastra Sunda sagala?” Maman norolang
ngawadulna. Alline kalahka olohok ngadangu omongan Maman.
“ Ooooww... don’t speak fastly... okay?”
“ Hahaha.... sorry.. sorry... why you interest to study
in major of Sundanese?”
“ Hmmh... I will tell you about it...”
Alline tuluy
ngebebenahkeun pangdiukanana. Tuluy weh anjeuna nyaritakeun pangalamana pangna
bisa resep jeung asup ka jurusan Bahasa jeung Sastra Sunda.
Jadi, caritana teh baheula basa Alline masih keneh sakola
di SMP mun di urang mah. Harita teh di salah sahiji kota di Swedia ngarana
Stockholm, nyaeta Ibukota nagara Swedia ngayakeun acara “Universal Culture and Art Day” nyaeta hari seni jeung budaya
internasional. Sakolaan Alline oge jadi salah sahiji peserta di eta acara.
Alline jeung babaturana nampilkeun drama komedi. Pesertana ngabayak, nu
lalajona oge padedet-dedet. Teu lila basa Alline jeung babaturana karek beres
tampil. Si pembawa acara langsung nyebutkeun deui aran peserta jeung kasenian
anu rek ditampilkeunana.
“ Oke, give applause....!! For next perfome by Indonesian art....”
Di Swedia teh aya salah sahiji komunitas urang Indonesia
anu nuju kuliah di Universitas nu aya di Swedia. Pemuda-pemuda urang Indonesia
eta teh kabeneran lolobana urang tatar Sunda, paling ngan aya hiji dua anu ti
luar Jawa Baratna mah. Barang mimiti naek ka panggung, anu keprok ngan ukur
hiji dua bari jeung sakeyengna. Sora gamelan dina kaset geus muter minuhan jero
ruangan. Hiji pemuda anu bertindak salaku host
di eta pertunjukan tuluy ngawitan kecap bubukana make bahasa Inggris.
Pertunjukan anu kahiji nyaeta drama Sangkuriang. Nu lalajo nu lolobana bule
kalahka tingpolohok teu ngarti kusabab bahasa anu digunakeuna nyaeta bahasa
Sunda. Maranehna ngan ukur ningalikeun adegan-adegan anu dilakonkeun ku barudak
urang Indonesia eta. Barang adegan geus nepi ka Sangkuriang anu najong parahu,
bule-bule langsung carengkat bari angger olohok keneh. Tuluy eta bule teh
kaleprok bari tinggorowok tarik pisan. Karek manggih meureun aya budak ngora di
Indonesia anu bisa najong parahu nepi ka
sajauh kitu. Tuluy eta drama teh disusul ku pertunjukan kuda singa anu ditabeuhan
ku rampak kendang. Para penonton beuki tarik keprokna. Alline nu lalajo di
belah pojok teu ngiceup-ngiceup ningali kaliheian pemuda Indonesia. Pemuda anu
jadi host tadi nawarkeun ka penonton
anu hoyongeun naek ka kuda singa.
“ Oke, who is want to get up to kuda singa?” Alline langsung curinghak bari
ngacung-ngacungkeun leungeuna. Tuluy Alline ditaekeun ka kuda singa. Tatabeuhan
disada deui, mimitina mah Alline peureum-peureum wae da sieuneun. Lila-lila
karasa ngeunaheun. Tuluy Alline engar-engir bari gugupayan ka babaturana nu aya
diharandap.
Tidinya Aline ngarasa
resep ka budaya Sunda. Manehna ge sok remen nyampeur-nyampeurkeun ka komunitas
urang Indonesia nu nampilkeun kasenian Sunda tadi.
“ That is my raeson study in majoring of Sundanese... I’m very...very
interest to culture of Sundanese...”
“ What are you feeling while you study of Sundanese languange?”
“
Haha... very... very difficult... my tongue was hard to say anything about
Sundanese...”
Sanggeus carita Alline
beres, baso jeung rujak kalapa ge nyampak karosong. Alline tuluy amitan mulang ka kosana. Maman
jeung Yandi ge tuluy mulang ka kosan Yandi. Sore-sore
Maman jeung Yandi gogoleran di kamar Yandi.
“ Geuning rame oge nya
si Alline teh, Yan?”
“ Nya kitu da anjeuna
mah. Di kelas oge teu sombong atawa gengsian gaul jeung batur teh...”
“ Tapi pergaulana
kumaha eta teh?”
“ Nya ai pergaulan mah,
namina ge bule Man. Sok beda we ari jeung urang mah...”
“ Eh, Maman mah karek
apal da di Swedia pernah di tampilkeun budaya Sunda.”
“ Enya Yandi ge karek
apal ti Alline, basa anjeuna ditaros ku dosen, anjeuna kantos nyarioskeun
pangalaman nu tadi oge.”
Lila Maman cicing teu
ngawaro cariosan Yandi.
“ Yandi, kumaha mun
urang oge ngayakeun acara sapertos kitu? Urang ajakan Alline sareng rerencangan
Yandi nu sanes... Satuju teu?”
“ Wah... rame jigana
Man. Hayu, satuju pisan. Ke Yandi ngajakan rerencangan Yandi nya...”
Pasosore Maman jeung Yandi sumping ka kosan rerencangan
Yandi nu masih araya di Dayeuh Ngora. Anu teu aya, ku Yandi di smsan. Barang
dibejaan kitu Alline langsung satuju. Malah anjeuna ngusulkeun kudu aya kuda
singa deui ameh anjeuna tiasa naek.
***
Isukanana, Yandi ngajangjian ka rerencangana kumpul di
Masjid Agung Dayeuh Ngora pikeun ngawadulkeun rencana eta kagiatan. Jam 8an
Yandi jeung Maman angkat ka Masjid Agung Dayeuh Ngora. Di teras masjid loba oge
anu keur ngarumpul, aya anu sakulawarga, barudak sakola, jeung sajabana.
Nyampak aya Yogi jeung Ginanjar tos ngantosan.
“
Assalamualaikum...duh punten yeuh! Tos lami...?” Yandi tuluy nyalaman duanana,
Maman ge ngiringan bari nepangkeun wastana ka rerencangan Yandi.
“
Henteu Yan.. nembe ge sumping da... !” tembal Yogi.
“
Ke nya sakedap, ngantosan Alline sareng nu sanesna...”
“
Muhun, muhun. Tenang we Yan, teu aya damel iyeuh di kosan ge da...”
Teu lila rerencangan Yandi
tingjarebul kaasup Alline. Yandi tuluy muka eta kumpulan ku sakecap dua kecap.
“ Assalamualaikum wr.
wb. Rerencangan sadaya, hapunten simkuring tos ngawagel waktos rerencangan
sadaya. Hatur nuhun kana partisipasi ti rerencangan sadaya. Alline, you understand?”
“
Yes, of course...!” tembal Alline
bari unggut-unggutan.
“ Jadi, maksad
simkuring, ngempelkeun rerencangan sadaya didieu teh nyaeta kangge nyarioskeun
perkawis pagelaran seni anu ku simkuring kamari dicarioskeun. Simkuring sareng
Maman teh gaduh maksad ngayakeun pagelaran seni Sunda supados kawula muda jaman
ayeuna langkung uninga tur cinta ka budaya sorangan. Tapi simkuring meryogikeun
bantosan sareng dukungan ti rerencangan sadaya. Nya bilih diantawisna aya anu
kaabotan atanapi kumaha, simkuring moal maksa, mangga carioskeun wae, iyeu mah
acara bebas kangge rerencangan anu kersa sareng peduli kana budaya urang we...”
Tapi katingalina sadaya
rerencangan anu aya didinya satuju kana usul Maman sareng Yandi. Salajengna anu
dicarioskeun ku Yandi teh nyaeta susunan kepanitiaan. Yandi dijantenkeun ketua
pelaksana, Maman janten seksi acara, nu sanesna oge tos dibagi-bagi.
Tugas anu kahiji kedah dilaksanakeun nyaeta milarian
dana. Devi salaku sekretaris ngawitan ngadamel proposal kangge disebar ka dinas atanapi perusahaan-perusahaan.
Salian ti eta, Yandi sareng rerencangana nyobi daragang di alun-alun, masjid
agung, sareng dimana wae. Maman tos nyuhunkeun ijin ka mamahna kangge kulem di kosan
Yandi rada lami.Yandi sareng rerencangana
gaduh waktos tilu minggu kangge persiapan eta acara. Heunteu gampil
memang ngumpulkeun artos nu rada ageung dina waktos tilu minggu. Ayeuna ge
artos nu ngumpul nembe Rp300.000,-. Sedengkeun waktosna kantun 10 dinten deui.
Peserta oge nu daftar nembe aya 5 kelompok.
“ Kumaha atuh Man?
Yandi mah teu yakin iyeu acara bakal kalaksana da...”
“ Wah, Yandi mah
kalahka pesimis atuh? Pasti kalaksana
atuh Yan...”
“ Nya tingali we ku
Maman, artos can kakumpul, peserta can aya. Bade kalaksana kumaha geura...?”
“ Ari Yandi teu karunya
ka rerencangan anu tos merjuangkeun iyeu acara. Atuh lami keneh 10 dinten mah.
Hayu urang giatkeun deui promosi
sareng milari danana . Mugia sing dilancarkeun ku Allah. Urang ngadoa we Yan...”
Yandi teu nembalan,
kalahka tuluy muka jandela terus ngalamun.
***
Acara anu bade diayakeun ku Yandi, Maman, sareng
rerencangana kantun 4 dinten deui. Tapi dugi ka kiwari peserta nembe nambihan
2, dana mah lumayan tos rada ageung kakumpulna, mung nu janten kabingung ayeuna
kumaha carana ngumpulkeun peserta sangkan eta acara teh rame.
Isukanana, Devi jeung Ginanjar datang ka kosan Yandi.
Nyampak aya Maman, harita Yandi mah nuju kaluar.
“ Kumaha atuh Man? Dugi
ka kiwari peserta nembe aya 7 kelompok. Naha bade rame kitu, Man?” tanya Devi.
“ Nya puguh Maman ge
bingung Dev, mana Maman teh karunya ka Yandi... ayeuna urang kedah kumaha
atuh?”
“ Mending ayeuna urang antosan
we dugi ka enjing. Sugan we enjing seueur anu daftar.” ceuk Ginanjar.
“ Terus lamun enjing
teu aya keneh wae, urang kedah kumaha? Maenya moal cios mah iyeu acara...?”
“ Nya pokoma mah urang antosan wae dugi ka
enjing nya. Bissmilah we
mudah-mudahan aya...”
Ahirna, Maman, Devi, Ginanjar, Yandi, jeung nu lainna
nungguan peserta, sugan we aya nu bade daftar deui. Isuk-isuk maranehna geus
saringkil. Cicing di stand pendaftaran. Nepi ka lohor can aya
keneh wae nu daftar. Nepi ka asar angger nu daftar teh teu jebul-jebul.
Maranehna mimiti putus asa.
“ Jadi kumaha? Nu
daftar teu aya deui? Terus acarana bade dilanjutkeun wae?” ceuk Devi
“ Lamun acara dibatalkeun,
hawatos kanu tos daftar. Artosna tos lebet, kemungkinan anjeuna oge tos
mulai-mulai latihan pan... kumaha tah?” tembal Maman.
“ Tapi lamun acarana
dilajengkeun oge, maenya pesertana ngan 7 mah... atuh sanes ge pagelaran ai
kitu mah...” Yandi jiga nu semu ambek.
“ Pami saur Maman mah,
mending acara tetep dilajengkeun, pami masalah peserta mah teu nanaon lah
peserta sakedik ge. Nu penting acara ulah dugikeun ka teu cios...”
Nu sanesna satuju ka
usul Maman.
Isukna eta acara teh breng. Ti isuk keneh sadaya
kaperluan disiap-siapkeun. Peserta
datang ti jam 7 keneh, anjeuna sariap-siap kanggo tampil. Dugi ka kiwari
peserta teu nambahan, angger we 7 kelompok. Jam 8 pas acara dikawitan. Devi
sareng Yogi bertindak salaku pembawa acara. Acarana biasa-biasa wae, malah nu
lalajo seueur nu bubar samemeh beres. Yandi jiga nu nahan kaambek. Anjeuna
cinuluk we gigireun meja nu aya di tukangeun panggung. Maman tuluy
nyampeurkeun.
“ Yan, kunaon atuh?
Keun wios pesertana sakedik ge. Nu penting iyeu acara kalaksana...”
“ Yandi mah asa gagal
jadi ketua pelaksana teh, Man. Acarana ngan ukur kawas kieu. Kumaha urang rek
ngamumule budaya sunda ai kieu carana mah..”
“ Naha ari Yandi, Da
iyeu mah sanes salah Yandi. Iyeu mah memang kurangna kasadaran ti masyarakatna
we. “
Yandi ngahenen, ti
hareupeun panggung sora budak awewe keur ngawih pupuh. Tapi asa jiga aya nu
beda tina sora eta awewe teh. Yandi jeung Maman tingcuringhak tuluy ngarelol ka
hareupen panggung. Maranehna reuwas ningali Alline keur ngawih di luhureun
panggung. Penonton jadi rame, kusabab kakara manggih aya bule ngawih pupuh.
Sorana mah memang alus, hampir jiga sinden enyaan. Tapi eta kecap-kecapna jadi
aneh diucapkeun ku bule anu ngawadul teh cararadel jeung pabaliut. Sanggeus
ngawih pupuh, teu lila jarebul kuda singa. Cenah mah Alline nu ngondang eta
rombongan kuda singa teh. Tuluy Alline naek ka kuda nu digotong ku 4 urang eta
teh. Acarana jadi rame, Yandi mimiti bisa seuri. Nepi ka sore acara kakarek
beres.
Saberesna eta acara, Yandi jeung Maman mulang ka lemburna
di Cibodas. Di perjalanan aranjeuna ngawaradul.
“ Rame pan acarana
Yan?” Maman ngawadul bari heureuy.
“ Haha, rame atuh da
aya bule ngawih pupuh jeung tumpak kuda singa..”
“ Untung we nya aya
Alline...”
“ Tapi Yandi mah asa
kumaha da, Man. Urang luar negeri ge masih keneh peduli jeung hoyong diajar
budaya Sunda teh. Tapi urang pribumina mah hare-hare we geura...”
“ Enya puguh Maman ge.
Kudu kumaha atuh urang?”
“ Nya urang mah kudu
tetep cinta jeung miara budaya urang. Da pami teu ku urang ku saha deui? Jeung
peperiheun batur nu teu cintaeun. Atuh urang mah nya kudu cinta. Da nanaon ge
kudu dimimitian ku diri urang nyalira. Leres teu?”
“ Muhun Yan, satuju
pisan lah ka Yandi... hahaha”
Salila di perjalanan maranehna terus we ngawaradul ngeunaan
acara anu karek beres tadi. Jaman kiwari, memang hese ngamumule budaya Sunda,
kusabab geus jarang barudak ngora anu masih keneh cinta ka budaya Sunda. Komo
teuing budak ngora, kolot ge ayeuna mah loba anu teu arapal kana budaya Sunda
teh.
Tah urang salaku urang Sunda kedah tiasa miara jeung
cinta ka budaya Sunda. Sabab ayeuna budaya Sunda tos seueur nu leungit. Ulah
nepi ka budaya urang diaku-aku ku batur. Budaya nu diaku-aku ku batur teh salah
sahijina sababna nyaeta urangna teu bisa
miara nu bener. Hayu dulur, urang piara sagala titinggal karuhun urang. Sabab
mun teu ku urang ku saha deui?
***
0 komentar:
Posting Komentar